Penyerahan calon panganten pamegeut

السلام عليكم ورحمة الله وبركاته
Oleh : Indra Budiman

Pangluhung kalbu kajembaran manah, sugri puji nu jadi pamatri ati urang sanggikeun ka Gusti ilahi robbi nu maha suci. Puja nu jadi panghias rasa urang sanggakeun ka Alloh Azza wajalla nu Maha Kawasa. Wirehing dina danget ayeuna, cunduk waktu nu rahayu ninggang mangsa nu lugina nitis wanci nu mustari. takdir nu teu benang dipungkir kadar nu teu benang disinglar. Jauh-jauh dijugjug anggang-anggang diteang. ngaleut ngengkeuy ngabandaleut ngebat-ngebat nyatang pinang. kalayan disarengan ku widi gusti nu Maha suci, wanci kiwari mangsa ayeuna, urang tiasa pateupung lawung di ieu kampung, bengkung ngariung bongkok ngaronyok. geusan nyukri pangarti ngala pangabisa, pikeun ngaronjatkeun iman jeng takwa dina raraga walimatul urus cep ... ka neng ... anu mudah-mudahan aya dina rido sareng magfiroh Alloh SWT.
Salajengna, solawat miwahna salam kawilujeungan mugia dilulunglangsarkeun ka rosul anu pinunjul, nabi anu gumati, panutan nu pang nyoncolangna sa alam marcapada, yakni habibana, wanabiyana, wamaulana Muhammad saw. ka para kulawargina, ka para sohabatna, oge teu hilap ka umat-umatna, kalebet urang sadayana dugika yaumul qiyamah. Amin ya robbal 'alamin.
Bapa miwah ibu ... calon besan kalih kulawargi sadayana.
langkung tipayun simkuring asmana ... sakulawargi seja nyuhunkeun widi tina galih anu weuning neda jembar tina manah anu setra, rehing aya anu bade kapiunjuk ti simkuring sakulawargi. mung sateacan simkuring cumarios, simkuring nyuhunkeun sihapunten tina samudaya kaleupatan. boh bilih salebeuteun simkuring cumarios sabelong bentor tuna tina subasita kawantos simkuring sanes ahlina.
Salajengna, simkuring ngaraos bingah amarwatasuta bingah kagiri-giri bingah nu teu aya papadana. wirehing bapa kalih ibu sakulawargi di dieu parantos sami-sami luntur kalbu kersa nampi ka simkuring katut rombongan. Estoning hal ieu teh abot nyuhun abot nanggung abot narimakeun nana pikeun simkuring sakulawargi. Sawangsulna simkuring tebih-tebih dongkap ti ... kadieu teh rumaos asa cologog, kirang bemekramana. malihan mung saukur bade ngaherinan sareng ngarepotkeun wungkul. Kumargi kitu, simkuring neda agung cukup lumur neda jembar pangampura ti sadaya, boh bilih simkuring kirang tata kirang titina, kirang basa kirang basina, kirang duduga sinareng prayogana.
Kalih ti kitu, kantenan, pangna jauh dijugjug anggang diteang teh simkuring sakulawargi ngagaduhan pamaksadan. Teu aya sanes simkuring seja ngawakilan kulawargi bapa ... nu ngaraos melang tur hariwang kanu janten putrana nu jenenganana cep .... Ku margi ieu cep ... teh sawatara waktos kapengker tos beda rengkak benten semu, ana cengkat munggah lunglah jeung rumaluh. malihan sejen mangsa mah sok sering ngalamun ngahurung balung dipirig ku kawih hahariringan. (mapay jalan satapak, ngajugjug kahiji lembur te karasa capena sabab aya nu diteang ...). singhoreng aya malati nu manis ngait kana jero ati, aya campaka nu endah mekar kana jero rasa. numawi marudah jeung ngaguridah diperbawa rasa biheung jeng boa. bieung malati nu manis kapimilik diri, boa campaka nu endah teh kapibanda. 
kumargi kitu, simkuring sakulawargi seja nyambung saur nu kapungkur, mapay subaya nu ti heula  pikeun nyungsi janji pasini birahi ngawangun sagari rumah tanggi. kumargi sawatara waktos kapengker, cep ... parantos nyanggakeun panglamar ka tuang putra anu jenengannana neng ... Kalayan eta panglamarteh ditampi ku jinisna kalayan disaluyuan du ibu sinareng ramana. nya sasat di danget ayeuna pisan simkuring seja masrahkeun cep ... ti luhur sausap rambut sinareng totombena, ti handap sausap sampean sinareng rormbeheun nana. nya ti tengah mah saaya-aya jeng nu ngajendolna ka ibu sinareng rama neng ... pamugi kersa enggal-enggal ditikahkeun sinareng tuang putra.

Komentar

Postingan populer dari blog ini

PROPOSAL PEMILIHAN KETUA RW

Proposal Khitanan Massal dan Tabligh Akbar